TEU bisa dipungkir yén kasenian Sunda méh kaléléd ku rupaning seni anu jolna ti nagara deungeun. Ieu kanyataan téh karasa geus tumiba ti taun 80-an, malah bisa jadi tos ti béh ditueunana. Kasenian anu jol-na ti deungeun, maké ngaran kasenian Indo-nésia, tug nepi ka poho yén sabenerna éta téh bogana urang deungeun, awahing ku dalitna. Anu leuwih parna, mopohokeun banda sorangan, minangka warisan para sepuh urang.
Ngamumulé tutungkusan karuhun, minangka sukuran ka Illahi Robbi, ku ayana urang digelarkeun di lemah cai-Pasundan. Sakumaha anu kaunggel dina kitab suci Al-Qur’an, surat Al-Hujuraat, ayat 13: “Héy manusa, satemenna Kami nyiptakeun anjeun ti antara lalaki jeung awéwé, sarta ngajadikeun anjeun ti rupaning bangsa jeung rupaning sélér, sangkan anjeun silih pikawanoh. Satemenna jalma pangmulyana di antara aranjeun mungguhing Alloh, nyatana jalma nu taqwa di antara aranjeun. Satemenna Alloh Maha Uninga sareng Maha Mikawanoh”
Upama neuleuman ayat di luhur, tangtuna ogé bakal karasa hiji pesen pikeun ngamumulé bangsa jeung sélér sorangan-sangkan silih pikawanoh téa. Ku lantaran urang mah lahir di tatar Sunda, hartina urang kudu miara atawa ngamumulé naon rupa nu nyampak di tatar Sunda, di antarana miara budaya Sunda.
Di antara tujuh unsur kabudayaan Sunda, naon baé nu kiwari masih aya dangiangna? Kuring mah ukur rék nyaritakeun dua unsur baé, nyatana kasenian jeung basa. Tangtuna ogé kasenian Sunda jeung basa Sunda. Perkara kalumangsungan basa jeung sastra Sunda, aya éséy Dhipa Galuh Purba, dina kaca 20. Demi kuring, rék ngabahas kalumangsungan kasenian Sunda.
Perkara kasenian Sunda méh nyorang jati kasilih ku junti, sasaha ogé tos pada terang. Nu kedah diémutan ku saréréa mah, kumaha cara ngaronjatkeunana? Mun teu damang téa mah, kumaha cara milari ubarna sareng kumaha cara ngubaranana? Aya hadéna upama urang henteu hayoh baé ngumbar panineungan, nyawang mang-sa tukang, basa nuju nyorang kajayaan. Nu kudu di sanghareupan kiwari, teu tiasa ku cara ngumbar panineungan. Jaman geus robah. Urang kudu tanginas ngalalakon dina mangsa nu kiwari, keur meujeuhna karandapan.
Ku ningali kaayaan siga ayeuna, kawasna para seniman, pelatih seni, para kréator seni, ogé para guru kasenian, perelu ngundakeun tarékah dina ngaréka kréasi. Kalah kumaha ogé, ré-generasi minangka salahsahiji “ubar” pikeun ngajawab tangtangan jaman. Ré-generasi lain pikiran anyar, malah mindeng pisan jadi bahan padungdengan. Tapi palebah prak-na, naha enya urang geus mentingkeun ré-generasi?
Upama urang hayang nyieun ré-generasi, tangtuna ogé kudu nyiar tarékah sangkan generasi ngora kataji ku kasenian Sunda. Satuluyna bakal bras kana pananya: kumaha carana sangkan generasi ngora resepeun?
Puguh baé mahabuna kasenian anu jol-na ti deungeun téh, lain kudu dibendung, da pamohalan bisa. Taya deui jalan, iwal: dilawan! Contona baé, generasi ngora ayeuna téh mikaresep kana kasenian deungeun ku ayana sawatara perkara, kayaning gaya komposisi musik dina hiji lagu, atawa gaya panggung. Ku sabab kitu, aya hadéna upama mikiran pikeun nyieun atawa ngararancang hiji gaya sangkan karya seni Sunda téh bisa dipikaresep, malah diidolakeun ku masyarakat.
“Moal bogoh, upama henteu wanoh”. Ku aya kitu, ngawanohkeun seni Sunda ti bubudak, minangka hiji perkara anu kalintang pentingna. Aya hadéna upama dicobaan ngayakeun kagiatan kasenian dina sawatara situasi jeung pagelaran di sawatara tempat, upamana baé di pendopo kabupatén/kota, atanapi di mana baé. Demi anu magelaranana para siswa sakola, boh TK, SD, SLTP atanapi SLTA. Acara tiasa mangrupa kamo-nésan murangkalih; Rampak Sekar, Anggana Sekar, Kawih Kaulinan, Cal-ung, Réog, Rampak Kacapi Suling, jsté.
Iwal ti éta, pintonan ogé kudu diréka, luyu jeung karesep generasi jaman kiwari. Upama ngayakeun babandingan kana olahraga, kawasna olahraga panco bisa jadi salah sahiji widang anu suksés. Basa olahraga panco tacan diréka-réka siga kiwari-sakumaha anu dipidangkeun dina tivi-asana mah teu pati dirérét. Tapi sanggeus diréka ku rupaning kréasi, mangga ayeuna tongton. Ku ayana kitu, kasenian Sunda ogé bisa leuwih ti kitu, upama diréka kalayan daria mah. InsyaAlloh.***
dikutip ti http://galuh-purba.com/ngareka-seni-sunda/