kacaritakeun si Kabayan keur bingung :kaclak-kiclik:neangan panyumputan, kulantaran diudag2 ku nu nagih hutang. Sanggeus sabara lila si Kabayan boga ide
"mendingan uing nyumput di kuburan" ceuk pikir si Kabayan. Nepi ka kuburan sikabayan manggih liang nu can dieusian, tuluy manehna asup kana eta liang.
Teu kungsi lila dina eta liang, si Kabayan didatangan
ku malaikat kubur. Tuluy si Kabayan di tanya ku malaikat,"Saha pangeran maneh?" tanya malaikat bari mawa panyiksa
sikabayan reuwaseun tuluy manehna ngajawab bari semu bingung
"sanes pa abdi mah nuju nyumput, teu acan maot" ceuk si Kabayan.
"bebel siah ngabobodo aing, awas ulah sakali-kali deui siah!!!" ceuk malaikat bari indit.
Kulantaran sieun si Kabayan lumpat ka imah bari ngiihan maneh. CAn nepi ka imah si kabayan kakara inget yen diimahna aya keneh nu nagih keur nungguan. Bakat ku bingung akhirna si kabayan mutuskeun rek bunuh diri
. Tungtungna si Kabayan teh paragat nyawana kulantaran bunuh diri.
Sanggeus maot, si Kabayan diurus mayitna ku kulawargana tuluy di kubur.
Dina jero kubur si Kabayan bingung teu manggih tungtung, ningali malaikat bulakbalik nanya pengeusi kubur, tapi si Kabayan mah diliwat wae.
Akhirna si Kabayan ngawani-wani maneh nanya ka malaikat.
"Pak malaikat abdi bade tumaros, naha abdi bet teu ditaros-taros??"
tuluy malaikat ngajawab
"Moal katipu kumaneh dua kali siah aing mah,
nyaho aing oge maneh mah keur nyumput...."