| RUMPAKA KAWIH SUNDA | |
|
|
Pengirim | Message |
---|
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: RUMPAKA KAWIH SUNDA 10/11/2011, 23:07 | |
| Bilih aya anu seneng kana lagu-lagu kawih sunda mangga nimbrung didieu | |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 5/1/2012, 17:00 | |
| HIRUP
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka: Nano S Laras : Madenda
Geus di tebarkeun mustika hirup ti wiwit lahir Geus di kocorkeun bayuning tresna, geusan panyaeur Mangka jadi kuat ati, mangka tuwuh juuh asih Eehh naratas jalan, neretes gawe muni keeling
Samakta bral miang tandang, sing ajeg ngabela tangtung Prak gawe bakti, rumaksa ka lemah cai Getih jeung kesang sing nyangsang dina puseuring kahayang Nikmat jeung senang sing nyerep, lain ngan ukur keur urang
Golak hirup miwanda lautan ombak Ngayun tincak ngagoda urang tumamprak Teu kudu ring-rang kapan tamaha urang balayar
Sanghareupan binarung ati nu sabar Nyengcelak munara cahya, Nu jirim na alam batin Hirup, di anjeuna hirup ka anjeuna madep Gusti Nyanggakeun raga jeung nyawa, Kuring teu ngaboga-boga
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 5/1/2012, 17:02 | |
| SARIAK LAYUNG Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka: Dedi Widiyagiri Laras : Pelog
Sariak layung di gunung Hibar pasini patepung lawung Teuteup jauh ngawang-wang nu di pigandrung Duh…ngawang wang nu di pigandrung
Haredong meuhpeuy harideung Jalan satapak rarambu leuweung Kumalangkang renghapna nu di pitineung Duh…renghapna nu di pi tineung
Surya surup layung hibar Katanjakan sawangan di umbar Geus ngolebat ieung, samar, samar Hariring asihna katineung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang Kaitipan harewos kamelang Tawis deudeuh ieung nu mamaranti Sungkeman kaheman Saranggeuy malati
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 5/1/2012, 17:06 | |
| HAREUPEUN KACA Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka: Winarya, art Laras : Madenda
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila Ruman alum gurat duka atra narembongan Hareupeun Kaca sagala nu karandapan Lalakon katukang-tukang nungtut dararatang
Reueuk rumeuk dina eunteung Semu keueung semu nineung Jiwa awaking nyarita Jiga nu nganaha-naha
Duh ieung geuning, jiga nu nganaha-naha Bejakeun deudeuh bejakeun Rumasa geus katalimbang
Hareupeun kaca sagala nu karandapan Lalakon ka tukang-tukang Nungtut dararatang
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 5/1/2012, 17:11 | |
| PEUTING JEUNG PANGHAREPAN
Sangian : H. Koko Koswara Rumpaka : R A F Laras : Pelog
Jep angin entong nyoara Bongan heunteu mawa beja, teu mawa beja Geus bentang ulah ngiceupan Bongan teu mawa titipan Duh gusti, teu mawa titipan
Mega anggur geura leumpang Pek pindingan itu bulan, tuh itu bulan Bongan neuteup ti tatadi Bongan neuteup ti tatadi Tapi teu mawa janji, duh teu mawa jangji
Duh peuting ku teungteuingeun Datang ukur mawa keueung Duh, mawa keueung Heunteu ngirim pangharepan Heunteu beja-beja acan, jungjunan, Teu beja acan
Boro lila di tungguan Sugan anjeun babawaan, duh babawaan Datang mawa pihapean, Datang mawa pihapean Talatah iber jungjunan, duh iber jungjunan
Mun radio geus karungu Nembangkeun lagu pamungkas Mirig sora hanca halon pileuleuyan Peuting cicing kota jempling Jerit hiji lagu kedaling kakeueung hate aduh
Mun balebat geus gagantina Geus hibar wetaneun Bandung Angin nonggoh lalaunan muru lembang Bulan surup, langit biru Tamat hiji lagu harepan tembong ngalakang, aduh
Harowos peuting marengan hiji lamunan Bulan di Langit Bandung Nyaangan Ngagentenan paneuteupna pangimplengan Langit isuk angger biru Nya eulis da angger biru
Hariring peuting pamirig hiji impian Bulan di langit Bandung nyaksian Wawakil ti pameunteuna, panineungan Kembang mawar angger beureum Nya eulis da angger beureum
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 6/1/2012, 07:13 | |
| ANGIN PRIANGAN
(Cipt. Mang Koko)
Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan duh embun-embunan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Ayun ambing, ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na lelembutan
Hawar-hawar reureundahan ngahariring
Eling-eling mangka eling
Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan
Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan | |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 6/1/2012, 07:19 | |
| ANJEUN
(Cipt. Nano S.)
Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun
Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan
Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun
Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut
Ngan jeung anjeun
Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu | |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 6/1/2012, 07:22 | |
| BULAN LANGLAYANGAN PEUTING
(Cipt. Mang Koko)
Bulan teh langlayangan peuting enung…
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh mah percaya.
Bulan teh langlayangan peuting enung…
Nu ditatar dipulut ku tali gaib,
Entong salempang mun kuring miang,
Ditatar di tatar Sunda,
Dipulut nya balik deui ka dieu,
Ieuh masing percaya.
Bedil geus dipeloran,
Granat geus disorendang,
Ieuh kuring arek tandang,
Jeung pasukan Siliwangi,
Ka Jogja hijrah taat parentah. | |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:42 | |
| Angkrék Japati
Angkrék japati na cangkring keur karembangan sisi wahangan barodas kareta api geus datang sinyal geus muka reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:46 | |
| Tina Jandela
Tina jandéla urang silih gupayan lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub tara nu nyora simpé henteu nyarita ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan
Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep geter katineung reureuh geuning, rep rerep.
Tina jandéla urang silih kiceupan imut kareueut raga katresnaan padeukeut langit keur lenglang jauh tina kamelan gurang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:49 | |
| Hariring Nu Kungsi Nyanding
Purnama nu kungsi leungit ayeuna nganjang ka buruan deui anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui. Hariring nu kungsi nyanding ayeuna datang ngahaleuang deui hayu pataréma tineung cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan haté bangbras Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan ati bangblas.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:50 | |
| Imut Malati
Imut malati wengi tadi geuningan patepang deui nu kapiati ti kapungkur jungjunan dianti-anti
Ti Gunung Putri sareng saha salira lungsur ka landeuh lagu kamari ngagalindeng lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorélat tunjung balébat éstu mo hilap karaos matak tibelat ku henteu terang mulihnaku henteu terang mulihna eeh, naha iraha.
Najan mung imut saulas sakilat ilang tansah kairut hanjakal teu sering tepang ku henteu terang léosnaku henteu terang léosna eeh, geuning kamana.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:53 | |
| Kembang Impian
Antara lolongkrang kiceup urang pateuteup bulan pias enteupna lalangsé kayas kaca jandéla nu muka kaca katresna nu muka peuting téh teuing ku jempling asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero teu katepi ku sora panggero urang teuleuman ku geter deudeuh duaan urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan urang guneman na ciptaan bagja deukeut patémbongan geter ti ati ka ati hiber jadina pasini saranggeuy kembang impian sungkemeun kana lamunan.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:55 | |
| Kembang Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung rebun-rebun di pakarangan nu reumis kénéh harita keur kakandungan ku hidep geus opat taun katukang ema nyipta mulung béntang nu marurag peuting tadi béntang seungit ditiiran pangangguran.
Anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung rebun-rebun beut henteu sangka aya nu datang ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep nu opat poé teu mulang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layonna geus datang ema ceurik ieuh, balilihan ras ka hidep ieuh na kandungan utun inji budak yatim deudeuh teuing harita waktu layon geus digotong ema inget ieu kana tanjung dikalungkeun napasaran kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan
Anaking jimat awaking lamun ema mulung tanjung reujeung hideup kasuat-suat nya pipikiran tapina kedalna téh ku hariring hariring éling ku éling kana tanjung nu dipulung éh, kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan nu nyeungitan haté urang, panineungan
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:56 | |
| Longkéwang
[Baheula mun pareng nganjang suguhna imut nyi lanjang asih nu nganteur harepan pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka aya nyawa milar raga bébéné mulang ti heula bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing na peuting hujan cimata aya waruga palastra jajaka raheut haténa jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang nu témbong ukur kalangkang mega mendung na jajantung lagu liwung na bangbarung.] x 2 .. lagu liwung na bangbarung.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:56 | |
| Malati di Gunung Guntur
Malati di Gunung Guntur seungitna sungkeman ati bodas sésétraning asa jadina tina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur hanjakal henteu dipetik béja geus aya nu boga ngahaja melak di dinya tara guriang.
Ayeuna kurang geus jauh malati sosoca gunung boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja malati ratna mumunggang majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur ligar dina panineungan, na panineungan na saha nu baris metik kuring mah da puguh jauh biheung kadongkang.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:57 | |
| Purnama Urang Nu Boga
Hibar deui purnama, hibar na ati nyanding kembang malati nu kapiati aya asih sumérén dina lahunan aya deudeuh gumulung jero tangtungan urang teang, enung, poé isuk bulan sumedang wangi urang seuseut, enung, asih suci ari sumujud sari pangaji
Gelar deui lalakon, gelar ayeuna nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut taman éndah dicipta tempat ngabungbang tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, eulis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan purnama urang nu boga ari purnama urang nu nampa.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 21:58 | |
| Sagagang Kembang Ros
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening. Sarining kembang jatining asih jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan na dasaring ati urang duaan. Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 22:00 | |
| Salam Manis
Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salawasna nyanding nyaring ngahariring
Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salilana nganteng anteng kapitineung Datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun duh, dunungan datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 22:02 | |
| Salempay Sutra
Salempay sutra disulam jeung dikarawang tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
Ngaraketkeun hubungan batin duaan mupus waswas jeung cangcaya di juruna disulam ngaran singgetan ngaran kuring jeung manéhna.
Salempay sutra disulam jeung dikarawang tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan. Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 22:03 | |
| Samoja
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis hiji jangji pasini na rasmining wanci mangsa samoja jongjon kembangan duh eulis, langit lénglang angin rintih dina ati, aduh.
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung aya jangji pasini nu henteu ngajadi mangsa samoja geus ngarangrangan duh ieung, langit angkeub samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan kamari nu pamit, kamari nu pamit datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan kamari nu leungit, kamari nu leungit rék lebeng mo deui datang.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 22:04 | |
| Sariak Layung
Sariak layung di gunung iber pasini patepung lawung teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung jalan satapak rarambu leuweung kumalangpang ronghéap nu kapitineun geeh, ronghéap nu kapitineung, duuh
Surya surup layung hibar ka tanjakan sawangan diumbar geus ngolébat, ieuh, samar-samar hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang katitipan haréwos kamelang tawis deudeuh, ieuh, nu maranti sungkeman kahéman saranggeuy malati.
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 13/1/2012, 22:04 | |
| Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun diaping ku indung peuting lalaunan ngalayangna sukma ninggalkeun jasmani emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang rét nepangan ka nu tebih nepungan ka urang gunung malati di pinggir pasir kakara pisan ligar nakapendakna tacan lami katuruban dangdaunan kahempi ka nagara sari.
Kembang diburu dirungrum sawengi henteu kapanggih hawar-hawar sora hayam ciri parantos janari nu nyumput téh humarurung teungteuingeun milik diri
harianeun teuing kadar misahkeun anu keur asih kembang nganggo dihalangan ditundung ku indung peuting.
Gunung geus aya di pungkur indit haté mah murilit duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang Parangtritis kapiati aduh enung pileuleuyan wengi énjing tepang deui, duh, aduh, wengi énjing tepang deui.
patapan henteu kalanglang raraosan mah sawarsih emh, aduh, raraosan mah sawarsih
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:29 | |
| Dikantun Tugas
Calik dina bangbarung anteng ngahurun balun Nyawang anu ngalangkung sedih manahna wuyung Emut ka sang panutan ngantun mangbulan-bulan Lami henteu nyeratan wartos ti medan perang
Nanging nu geulis sadar sarta manahna sabar Pasrah iklas tur rela jujur sarta satia
Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang Jig indit tarapti ka medan bakti Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan
Myanggem lebet manahna aduh engkang iraha Kempel sareng sadaya mulih ti medan laga Abdi nu ngantos-ngantos mugi pasihan wartos Nanging abdi tos ngarti engkang lanang sajati
Abdi moal cangcaya margi tos sawajibna Abdi ngaraos bangga engkang pahlawan bangsa
Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang Jig indit tarapti ka medan bakti Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan
Margi abdi tos ngarti engkang alat nagari Anu nuju ngabasmi nempur musuhna RI Abdi teu perlu rempan tebih sareng panutan Asal nagri raharja ma’mur mukti wibawa
Najan urang patebih langgeng tetep miasih Batin tetep pacaket sareng nu dipimeumeut
Rampak : Bral! Miang! Tatandang ka medan perang Jig indit tarapti ka medan bakti Kleung angkleung! Kabawa ombak-ombakan Keueueng ludeng! Ngabela kamerdekaan
Dasar istri sajati teguh sarta gumati Tara keuna panggodatuhu ka carogena Tetep nyaah tur cinta ka nu ngantunkeun lunta Anu nuju bebela ngemban tugas nagara
Wengi teu weleh nyaring ngantos panutan sumping Siang asa lalewang ngantos sang raka mulang
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:33 | |
| BULAN SAPASI
Bulan sapasi, siga nyaksi diri abdi Pias-pias sagala paninggal Katambias ge panginten
Angin asih nu mimiti Teu deui ngelusan diri Digentos ku angin bajra Matak sedih jeung nalangsa
Harepan kiwari ukur harepan Da bentang di langit masih baranang Harepan sugan sing jadi putusan Da Engkang masih osok neang datang
Aduh matak paur Lamun diri katalanjur Sanajan diri tinggal sapasi Alim jadi laip diri
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:35 | |
| Botol Kecap
Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang Sok piraku salira henteu kagendam Mun ditilik ti gigirna mani cantik Mun diteuteup ti hareup pameunteu sieup
Cobi taksir abdi nu herang mencrang Sae basa tara kersa jalan-jalan Mun diwulang ngeluk tungkul kokompodan Mo ngisinkeun margi kagungan turunan
Cobi taksir abdi nu jangkung lenjang Sok piraku sbapa teh henteu kagendam Da abdi mah masih nyentring-nyentring keneh Ulah rempan pami bapa bade mandang
Yu hayu urang sareng rerendengan Da abdi mah teu acan gaduh tunangan Entong gimir pami bapa bade naksir Tong salempang pami bapa bade mandang
Cobi taksir abdi nu jangkung ageung Sok piraku bapa teu matak nineung Da abdi mah masih banter-banter banter Komo lamun kasorot neon cahayana enjoy-enjoyan
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:37 | |
| Bajing Luncat
Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh Abdi lepat narosan teu tianggalna Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh Abdi lepat narosan teu tianggalna Panyana mah Eneng teh dulang tinande Nu dipicangcam tina ngajakan imut Tos paheut mah, Eneng teh direndengankeun Moal lipur ku sataun, euleuh ngubaranana
Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh Abdi lepat narosan teu tianggalna Bajing luncat, bajing luncat ka astana,duh Abdi lepat narosan teu tianggalna Ku teu sangka Eneng teh bet luas iklas Teu hawatos kanu kersa ngantos-ngantos Tapi teu emut kana jangjina Jangji keur pakait ati, euleuh pakait ati
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:38 | |
| Awet Rajet
Rumah tangga jeung manehna Geus teu kaitung lilana Ti bujangan jeung parawan Nepi ka geus reuay anak
Ari jodo tetep pageuh Tapi sok raribut bae Teu kaop salah sautik Babari pisan mundelik
Nya atuh kedah kumaha Rumah tangga jeung manehna Sakitu anak geus loba Manehna euweuh elingna
Tengah peuting jemplang jempling Di jujurung nitah balik Rek balik-balik kamana Indung bapa geus teu boga
| |
|
| |
kang yayat Calon RT
Jumlah posting : 113 Age : 58 Lokasi : bandung Registration date : 02.11.11
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA 18/1/2012, 13:39 | |
| BULAN DAGOAN 1 Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan! Tepikeun raga katineung Pangbejakeun kuring wuyung Keur bingung puyang-payengan
Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan! Tepikeun raga katineung Pangbejakeun kuring wuyung Keur bingung puyang-payengan
Da manehna tangtu melong Peuting ieu keur ngabungbang Bulan,.. bulan,.. kuring dagoan Tepikeun raga katineung
2 Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan Pangnepikeun ieu lagu Keset rebab anu jentre Mirig lumengisna hate
Bulan,…. Bulan,… kuring tulungan Pangnepikeun ieu lagu Keset rebab anu jentre Mirig lumengisna hate
Bongan kuring ditinggalkeun Disepikeun ngan sorangan Bulan…… Bulan! Kuring tulungan Pangnepikeun ieu lagu
3 Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan Ulah buru-buru mulang Ieu kuring cuang cieung Ka saha kuring midangdam
Bulan,…. Bulan,… kuring dagoan Ulah buru-buru mulang Ieu kuring cuang cieung Ka saha kuring midangdam
Lamun anjeun rusuh pundung Bulan ulah waka mulang Bulan,…. Bulan!.. kuring dagoan Ulah buru-buru mulang
| |
|
| |
Sponsored content
| Subyek: Re: RUMPAKA KAWIH SUNDA | |
| |
|
| |
| RUMPAKA KAWIH SUNDA | |
|